Alhamdulillah, kalayan widi ti Gusti Nu Maha Suci, dina poe kamari, mingu ping 22 Pebruari 2026, parantos dilaksanakeun prosés pangukuran Tanah Kas Desa (TKD) anu lokasina aya di wilayah Desa Cimahpar. Ieu kagiatan téh mangrupikeun léngkah awal anu kacida krusialna dina raraga rencana pangwangunan Gedung Cimahpar.
Proses pangukuran ieu diluuhan ku para Kepala desa, tokoh masyarakat, sarta tim téknis anu marengan sangkan wates-wates taneuhna jelas tur sah sacara administrasi. Hal ieu dipigawé supaya ka payunna pangwangunan tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar tanpa aya hahalang tina sisi hukum atanapi sosial.
Mugia ku dimimitianna ieu pangukuran, janten tawis anu saé kanggo kamajengan lembur urang sadaya. Aya sababaraha harepan anu diteda:
• Mugia prosés pangwangunan gedung KDMP ti kawit nol dugi ka réngséna dipaparin kalancaran, tebih tina panyungkun, anggang tina gogoda.
• Gedung anu badé diadegkeun mugia tiasa janten puseur pangladen (pelayanan) anu maksimal, janten tempat musyawarah anu mawa barokah, sarta tiasa ngaronjatkeun karaharjaan warga Cimahpar.
• Ieu proyék mugia janten cukang lantaran beuki raketna gotong royong sarta rasa miboga (sense of belonging) ti sakumna warga ka fasilitas desa.
_____________________________________
"Ya Allah Ya Robbi, mugia Gusti ngari dhoan kana naon anu ku sim kuring saréréa direncanakeun. Jantenkeun ieu pangwangunan téh amal soléh kanggo para pamingpinna, sarta janten mangpaat anu ngamalir kanggo sakumna warga Desa Cimahpar. Amin ya Robbal Alamin."
Kegiatan
•
Pangukuran Tanah Kas Desa (TKD) Cimahpar kanggo ngawangun KDMP Cimahpar
23 Feb 2026
21 Dilihat